PUPUJIAN BASA SUNDA

 

Pupujian Bahasa Sunda



PUPUJIAN
SORA BEDUG
Tah Sora Bedug, batur
Tanda Geus magrib
Geus nitah reureuh ulin
Ngajak ka masjid
Beulah kulon hibar layung
Ngajak muji ka Yang Agung

RUPA-RUPA CAI NU BISA DIPAKE SUSUCI
Dupi sadayana cai
Nu sok dianggo susuci
Eta aya tujuh rupi
Walungan anu kahiji

Cai laut kaduana
Cai sumur katiluna
Cai ibun kaopatna
Cai es nu kalimana

Cai nyusu kagenepna
Cai hujan katujuhna
Eta cai sadayana
Sok dianggo susicina

RIWAYAT KANGJENG NABI
Nabi urang sarerea
Kangjeng Nabi anu mulya
Muhammad jenengannana
Arab Qures nya bangsana

Ibuna Siti Aminah
Ramana Sayid Abdulloh
Dibabarkeunna di Mekah
Wengi Senen taun Gajah

Ari bilangan taunna
Limaratus cariosna
Tujuh puluh panambahna
Sareng sahiji punjulna

Medal Nabi akhir jaman
Pisan-pisan kanehan
Sesembahan bangsa syetan
Kabeh pada arucutan


PUPUJIAN PEPELING

Eling-eling dulur kabeh
Ibadah ulah campoleh
Beurang peuting ulah weleh
Bisina kaburu paeh

Teu bias nyingkahan pati
Sabab urang bakal mati
Nyawa dipundut ku gusti
Najan Raja nyakrawati

Tara ngalakukeun solat
Nyerina kaliwat-liwat
Karasana keur sakarat
Kana ibadah diliwat

Mugi rohmar salamina
Nun Gusti abdi sadaya
Sareng ka kulawargina
Ngocor ka Nabi anu mulya

Kitu deui sahabatna
Sareng muslimin muslimat
Anu sami-sami taat
Anu ngabela agama

Komentar

Postingan populer dari blog ini

MATERI KELAS 4 TEMA 6 SUBTEMA 1

MATERI KELAS 4 TEMA 7 SUBTEMA 3

LIST PJJ, BDR, BDL, WFH, SFH

MATERI KELAS 4 TEMA 6 SUBTEMA 3

KREASI MEMBUAT KOLASE

MATERI KELAS 4 TEMA 7 SUBTEMA 2

SOAL PERTANYAAN ASESMEN PRA DAN PASCA PROGRAM GURU BELAJAR SERI MASA PANDEMI COVID-19 TAHAP 1